Home / PROSA / KABELEJOG ASIH (Bagian-24)

KABELEJOG ASIH (Bagian-24)

Kuring leumpang panghareupna, saeutik rada paanggang jeung Si Papah. Disusul ku Pa Irfan jeung Néng Sari. Pang tukangna, Si Sofia Foréver jeung Si Robi, nu beungeutna barengep lantaran dihabekkan ku Pa Irfan. Opat pulisi gogodeg, nempo kalakuan saréréa. Mobil kol bak geus nampeu hareupeun réstoran.

Gustiiii… Pangéran, kedah ka mana raray disumputkeun?
Kuring digiring, sina naék kana mobil kol buntung pulisi, nu dina bakna, aya korsi panjang patukang-tukang. Korsi anu pas jang opatan-neun. Kuring, Si Papah jeung Si Sofia sakorsi, ditambahan ku pulisi, anu diukna nyelap antara kuring, jeung si Papah. Kitu ogé diuk si Robi, diselang ku pulisi. Anu boga réstoran, diuk di hareup, jang saksi. Kawas kasakitan pisan dipikir-pikir. Kuring ngeluk tungkul, bari ngarames-rames ciput. Tiung teuing aya di mana.

Jarak opat suhunan asa ngangkleung. Rarasaan téh, jauh pisan. Padahal lamun bisa protés, teu kudu naraék ka nu mobil pulisi sagala rupa, ceuk urang mah. Jaba loba anu marelong-keun. Jaba teu ditiung. Duh éta si Sofia, abong manéhna teu ditiung, asal dudut wè. Jaba orat.

Gebeg.

Kuring karék sadar, buuk teu maké nanaon. Ciput anu keur diremes-remes dirapih-keun. Buuk digelungkeun asal rapih. Leungeun anu keur murilitkeun buuk, lantaran di katukang-keun, teu ngahaja siku jadi keuna ka sirah nu diukna tukangeun kuring. Kuring ngalieuk ka tukang, maksud téh rék ménta hampura, siku geus nyigeung sirahna. Anu kasigeung ogé milu ngalieuk, singhoréng Pa Irfan. Panon Pa Irfan rada lila neuteup punduk kuring. Saeutik hokcay. Ceuk si Ambu mah, punduk kuring téh kokojo cenah. Loba bulu ngabaris nepi ka lebah tong-gong. Diteuteup kitu, kuring sadar. Plek ciput buru-buru dipaké sakeunana. Teu paduli dang-danan jadi siga tukang loték gé. Nupenting, buuk katuruban heula.

“Aduh punten pisan, Pa…Mastakana kasigeung…” kuring ngomong bari kaéraan.

Pa Irfan imut surti, tapi katingali saeutik rada salah tingkah, geus katohyan melong pun-duk rada lila. Teu ngomong, tapi méré kodeu ku leungeun, yén manehna teu naon-naon. Kuring ngalieus miceun beungeut ogé.
Sajajalan, nu melongkeun lumayan loba. Untung ukur opat suhunan jarakna. Tapi masing deukeut, beungeut dihalangan ku leungeun katuhu. Angin soré nebak pangharepan. Ahirna, nepi ogé ka kantor pulisi.

Ku lantaran nu hiji jeung nu lainna saling pakuat-pakait, kabéhanana di giring disaroha-ngankeun. Lumayan rada eungap, lantaran rohangan anu ukurannana ukur 6 x 8, dipinuhan ku 6 urang nu boga masalah, jeung sababaraha hiji pulisi. Sigana na jero haté masing-masing, keur pajulaeut jeung arambek. Siga kuring ayeuna. Keur napsu ka Si Papah jeung ka Si Sofia.

“Mana tiung aing…” ceuk kuring teu nga abdikeun ka Si Sofia.

“Teuing atuh, èmang gué pikirin!!” cenah, bari ngadelik gumeulis.

“Apanan ku manéh tadi dirawél!!” bales kuring.

Si Papah ngaharéwos, bangunna mah mangmeunangkeun kuring. Si Sofia malik ambek ka Si Papah, pajar malah mangmeunangkeun kuring. Beungeut si Papah kusut. Lieur jeung rieut meureun nyanghareupan kuring jeung Si Sofia.

“Oh …jadi mangmeunangkeun Nénéng Deuissss…”si Sofia muncereng.

“Gandéng siah!!!” Si Papah kalepasan nyentak si Sofia.

“Leb-leb siah…” kuring surak na haté, Si Papah nyentak ka Si Sofia téh.

“Mun bari babuk.”

Kabéh marelong ka Si Papah. Saliwat kaayaan jadi jempling, lir gaang katincak. Tuluy papelong-pelong. Suasana rada cair deui lanta-ran aya pulisi anu bersin, sababaraha kali.

Sup pulisi anu boga pangawakan gendut, asup. Leumpangna rada ripuh, saeutik égang lantaran nahan beuteungna anu budayut. Ara-reungap nempona gé. Laju muru korsi sofa anu geus deklok pisan. Sigana éta korsi matuh paragi manéhna diuk, da deklokna gé béda. Jero.
Gék manéhna diuk, hah heh hoh ripuh. Teu kungsi lila, torojol aya pulisi anu dede-gannana rada idéal. Tuluy diuk nyanghareupan komputer jadul.

“Mangga, ieu téh, urang kawitan wé… supados teu nyangkolong kana waktos…” pokna.

“Barina gé atuh, ngadagoan naon deui, ari geus araya mah,” kuring kukulutus ngutruk.

“Mana anu gaduh réstoran?”
Geus cengkat, derengdeng Si Ibu résto-ran nyampeurkeun ka pulisi, nu nyanghareupan komputer. Tuluy gék diuk.

“Kumaha ngawitanana, ieu téh, Bu… Mani asa ku ramé… Tara-tara, réstoran ibu aya huru hara…” Tak tik tak tik manéhanana ngo-mong bari ngetik.

Derekdek si ibu nu boga réstoran ngado-ngéngkeun hal ihwal aya karicuhan. Mani cape-tang, da kasieunan dagangannana teu digantian. Sasakali ciduhna muncrat paburincay.

Tak tik tak tik, sora pulisi neken keyboard komputer. Gancang, tapi ngetikna ukur makè ku dua curuk. Si pulisi anu gendut merhatikeun. Unggeuk… unggeuk, ngaregepkeun soson-soson. Napasna rénghap ranjug, siga anu geus lari 3 kilo. Kuring jadi milu merhatikeun paripolahna. Sum-pah, mending ngilu eungap ningalikeun si pulisi, batan ningali kalakuan si Sofia Forevprét, nu mamanjaan, gagalèndotan, ka Si Papah.

 

#hanca

Check Also

Firstiana Annisa (bagian sebelas)

Bagian Sebelas Wajah-wajah penuh rona bahagia bertebaran di seluruh penjuru kampus. Ceremonial wisuda sekaligus dies …

4
Leave a Reply

avatar
3 Comment threads
1 Thread replies
0 Followers
 
Most reacted comment
Hottest comment thread
3 Comment authors
Queen ErniSalmi suptiatinDuddy setyady Recent comment authors
  Subscribe  
newest oldest most voted
Notify of
Duddy setyady
Guest
Duddy setyady

Assalamualaikum wr wb, ngiring reueus ka sadaya anggitanana… Wikujeng, mugia waluya salalamina… Aamiin

Salmi suptiatin
Guest
Salmi suptiatin

Rame carbungna

Queen Erni
Guest
Queen Erni

Aaminnn Yaa Rabb, hatur nuhun, Kang

Queen Erni
Guest
Queen Erni

Hatur nuhun pisan, Bu

Tanya Situ Seni

)
    is typing...

    Fill in the form below to send us a message.

    Send Message Cancel